kelir
keur naon kelir!? enya. keur naon andika nyieun kelir? nu alus lamun kabeungkeut jadi katumbiri. nu ukur nembongan lamun hujan dibaturan poyan. enya. nu ukur katingali lamun nu patukangtonggong silihrangkul. nu arang langka kawenehan. ukur panyesaan lalangse imeut mega hideung.